B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun jeung jelaskeun bagian bagian carita pantun

1 Jawaban

  • Bagian bagian carita pantun nyaeta bagian rajah, bagian narasi, bagian deskripsi, bagian dialog, bagian monolog jeung bagian rajah panutup. Dina bagian deskripsi carita pantun, aya eusi deskripsi anu dibacana sok bari dihaleuangkeun, kusabab kitu eusi anu aya dina bagian deskripsi teh sok disebut oge "papantunan". Conto carita pantun nyaeta saperti carita pantun Ciung Wanara, carita pantun Lutung Kasarung, jeung sajabana ti eta.

    Pembahasan

    Papantunan nu aya dina bagian deskripsi eta teh mangrupakeun bagian anu sok dipikaresep ku anu lalajo carita pantun. Dina puisi Sunda oge aya anu disebut sisindiran. Umpama dina sastra Indonesia, sisindiran sarua jeung pantun. Tapi, carita pantun beda jeung sisindiran atawa pantun. Carita pantun eusina mangrupa carita, sedengkeun sisindiran atawa pantun eusina henteu mangrupa carita.

    Carita pantun umpama dibandingkeun jeung wawacan mah rek sarua, nyaeta mangrupakeun karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu eusina mangrupa carita. Tapi, wawacan mah mangrupakeun wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta kaiket ku aturan pupuh. Sedengkeun carita pantun mah henteu kaiket ku aturan. Conto wangun puisi lianna, salian ti wawacan, anu kaiket ku aturan nyaeta guguritan.

    Jadi, carita pantun teh sanajan mangrupakeun wangun puisi, tapi eusina mangrupa carita, siga karya sastra prosa anu eusina mangrupa carita saperti dongeng, carita wayang, novel jeung carpon. Carita pantun teh dipidangkeun dina dua bentuk, nyaeta pikeun hiburan jeung pikeun acara ritual anu sakral. Jadi, fungsi carita pantun teh pikeun hiburan atawa pikeun ritual anu suasanana sakral.

     

    Pelajari lebih lanjut

    • Ciri-ciri carita pantun https://brainly.co.id/tugas/10062211
    • Pengertian carita pantun, dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/9947699
    • Fungsi carita pantun https://brainly.co.id/tugas/12323743

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XII

    Mapel : Bahasa Sunda - Carita Pantun

    Bab : 2

    Kode : 12.13.2

    Kata Kunci : Carita pantun, bagian bagian carita pantun, ciung wanara, lutung kasarung

Pertanyaan Lainnya