Definisi girang acara
B. Daerah
Fakina4378
Pertanyaan
Definisi girang acara
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Girang Acara
Kelas : IX (3 SMP)
Pembahasan :
Girang acara nyaeta jalma anu mingpin, ngarahkeun jeung ngatur hiji acara, ti mimiti bubuka acara nepi ka panutup acara. Girang hartina pamingpin, jadi girang acara hartina kira-kira nyaeta pamingpin acara. Girang acara nyaeta jalma anu miboga pancen lumansungna atawa suksesna hiji acara. Aya jalma anu sacara umum miboga pancen salaku girang acara, tapi sacara khusus miboga ngaran sewang-sewangan anu saluyu jeung pancenna, nyaeta saperti panata acara jeung panumbu catur.
Panata acara nyaeta jalma anu mingpin, ngarahkeun jeung ngatur hiji acara, ti mimiti bubuka acara nepi ka panutup acara, saperti dina acara kawinan, sunatan atawa ulangg taun. Panata acara sok disebut oge MC nyaeta singgetan tina Master of Ceremony. Sedengkeun panumbu catur nyaeta jalma anu mingpin, ngarahkeun jeung ngatur hiji acara, ti mimiti bubuka acara nepi ka panutup acara, saperti dina acara sawala atawa diskusi. Panumbu catur sok disebut oge moderator.