Carita lutung kasarung kaasup Carita.....
B. Daerah
zihnibilqhis
Pertanyaan
Carita lutung kasarung kaasup Carita.....
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Carita Lutung Kasarung kaasup kana carita pantun. Carita pantun nyaeta karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Sananjan carita Lutung Kasarung teh mangrupa carita legenda, legenda teh nyaeta salah sahiji rupa anu aya dina karya sastra wangun lancaran atawa prosa, nyaeta dongeng, tapi dina mintonkeunnana carita Lutung Kasarung teh sok aya dina wangun carita pantun.
Ditilik tina wangun eusina, dina puisi Sunda aya dua rupa puisi, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti carita pantun jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti mantra, sisindiran, guguritan, sajak jeung kawih.